Kamana Gurat Kadeudeuh Lunta ?
Disisi basisir Palabuhan Ratu ,
Gurat-gurat ka asih ,ngabangkarak ,
 ngalumburuk di sasaak ombak !.
Kari napas nu hagegak , awor jeung lampah suku ,
nu teu eureun ngudag-ngudag katineung ,
nu ngabelesat lumpat , nyumput di dasar laut .
Kuring ! , akar na tungtung batu ,
nu ngimpi keclak kanyaah anjeun ,lana ,
netes , niiskeun tikoro gahar !.